Aya Naon jeung Kimia


Aya Naon jeung Kimia

                Hate ngarasa kacampur jeung sagala rupa rasa. Langit meni poek mendung. Angin anu di barengan ku hujan leutik nambah keun sieun na sore harita. Kuring cengkat dina korsi anu didiukan ku kuring. Ret kuring ningali karuang guru. “ Lila pisan “. Ceuk kuring ka babaturan sabangku kuring. Tia ngarana.
            “ Puguh meni lila. Geus nyaho da bakal remidial”. Jawab babaturan kuring sangges kuring ngomong. Manehna noong karuang guru. Meni kesel nungguan. Di tambah hate asa ngulikbek dinahiji tempat anu pikasieuneun.
            Sieun pisan kuring dina sore harita. Teu puguh cicing. Leuwih lieur nempo babaturan sakelas pulang anting nungguan hasil ulangan. Cenah aya kabar ti isuk mula poe eta teh arek dibagikeun ulangan kimia. Puguh we can baralik sore harita teh. Anu arek arasup kana jurusan IPA mah katempo na teh sararieuneun kana nilai anu arek di tarima. Da geus di bejaan nilai dikelas kuring mah laleutik. Termasuk kuring. Ringrang pisan da kuring boga cita – cita hayang asup ka IPA.
            Geus lila nungguan, guru mata pelajaran can katempo. Teu lila, bendahara kelas kuring mawa dua tumpukkan kertas. Tah eta anu keur pada di tungguan teh. “ Ke tanda tangan ieu hasil ulangan. Anu teu tuntas pek kerjakeun deui terus kumpulkeun dua poe ti ayena sangges di tanda tangan”. Ceuk bendahara kelas, tuluy ngabagikeun.
            Masing – masing geus narima. Sakabeh na jadi rariweh. Aya anu nempoan nilai batur, aya anu ngakurkeun, aya anu mikiran nilaina, aya nu cuek – cuek teu paduli kana nilai . Jeung kanu ceurik ge aya da teu kuat nempo nilai na. kuring sorangan reuwas nempo hasil ulangan kuring. Karasa dina jero hate rasa amek. Sabab, arek ulangan kimia teh kuring ngapalkeun terus – terusan. Nanya ka ditu kadieu anu can di pikaharti ku kuring. Tapi naon hasilna. Kuring menang nilai anu can pernah ku kuring di tarima sapanjang sakola ti kelas hiji SD. “ Sabenerna aya naon jeung kimia???”. Kuring tatanya di jero hate. Bet saliwat nempo babaturan kuring anu keur ceurik. Rasa karunya mah aya. Tapi da kudu di kumaha keun deui hese rek balikan deui oge.
            Tia babaturan sabangku kuring ge ngan ukur ngusapan dada bari nempo hasil ulangan na. di sakelas kuring eweuh anu tuntas. Kabeuh di raremid. Nilai na oge macem – macem. Paling gede teh ngan ukur genep puluh. Paling leutik na mah tong di omongkeun deui. Da angka nu pang leutik na ge ka cantum dina nilai ulangan. Lain hiji dua anu menang nol ge. Loba pisan.
            “ Kimia, kunaon kieu???,, aya naon jeung kimia???,, kunaon samester ayeuna mah nilai mani kieu – kieu teuing???,, palajaran na anu hese, guruna nerangkeun na teu ngarti, apa urangna anu kurang di ajar???”. Ceuk hate kuring ngajeurit. Loba pisan anu di pikatanyakeun. Tapi kuring sorangan teu nyaho jawaban na. Kuring ngarep pisan, sangkan kimia moal di remidial. Kuring diajar berang peuting nanya kaditu nanya kadieu naon anu can ngarti. Tapi, keneh – keneh we nilai mah ancur.
            Kuring nileupan lembar jawaban kuring. Bet nyamperkeur babaturan kuring anu keur ceurik. Teu tega nempona. Kuring ngarumasakeun nilai eta teh nilai murni. Kuring teu niron sabada keur ulangan. Murni pisan pokonamah. Tapi da teu kuat nempo nilai anu sakitu jorena. Anu kakarak di menangkeun ayeuna – ayeuna.
            Barudak can baralik nungguan keneh hujan. Kuring embung ngomong komo eleg mah. Dina hate karasa pisan sieunna. Sieun kurupa – rupa sabab. Sabab sieun di carekan, sabab sieun teu tuntas dina rapot. Lamun di carekan ku kolot leuheung bisa menta panghampura. Tapi lamun teu lulus dina rapot kuring moal bisa neruskeun cita – cita kuring hayang asup IPA.
            Geus sore pisan, kakarak hujan root. Kuring balik sorangan teu ngajakan babaturan kuring. Tungkul neangan jawaban anu di pikatanyakeun ku hate. Nepi ka imah, hese pisan hayang ngomong ka kolot can siap.
            Kuring asup ka kamar. Mandi tuluy solat asar. Teu ngomong ka kolot. Kuring langsung ngagubragkeun awak kena kasur. Mikiran aya naon jeung kimia. Tapi kekeh meunang we jawaban na.
            “ Ah kembae ketang nilai sakieu oge”. Ceuk kuring bari nempo hasil ulangan. “ Komo batur mah aya nu leuwih parah. Anggap we ieu teh asal na ku sabab kuring kurang di ajar kudu ningkatkeun deui diajar na. ulah sieun teu tuntas da lamun geus aya usaha gede mah sugan nilai dina rapot mah bisa tuntas”. Kuring ngan ukur bisa ngahibur sorangan. Di tunda lembar ulangan na tuluy kuring ka dapur da karasa lapar. Kembae teu meunang jawaban aya naon jeung kimia oge. Nu penting mah kuring kudu bisa ningkatkeun diajar ambeh bisa tuntas dina rapot jeung bisa asup IPA.

0 komentar:

Posting Komentar