CITA JEUNG CINTA
Asty Fitriani
Dunya emang panggung sandiwara. Hirup di dunya mah kudu bisa milih, mana anu bener jeung mana anu goreng. Kadang aya bungahna, kadang oge aya nyeri hate na. tah eta anu keur di rasa Ika sangges hudang dina ngimpina. Keur tibra sare, ngorejat manehna rewas da ngimpi anu pikasieunen. Cimatana murag kana bantal. Di susut kaluar deui. Tengah peuting jangrik ngagorowok jiga keur nyaranyi manehna ceurik gara – gara ngimpi.
“ Ieu hate meni hese di ajak ngomongna. Ku naon nya ujug – ujug ngimpi model kieu. Jadi palaur sangkan embung isuk”. Ceuk Ika bari ngusapan dadana. “ Ehhh, tibang ngimpi ieu mah meni di pikiran, hayo Ika tong eleh ku ngimpi ulah mewek kieu teu pantes geus gede”. Ceuk Ika ngayakin keun sorangan bari narik selimut rep deui sare.
Bedug di sada, adan subuh tarik ngagorowok kana ceuli. Ika hudang. Manehna ngalamun bet nempo HP. “ Geus ah ayeuna mah moal nyekelan HP keur naon nyeri hate hungkul “ . Ika ngasupkeun HPna kana dusna da moal nyekelan deui. Terus ka cai nyokot cai wudu. Manehna ngado’a meni husu. Barabay ceurik ngabasehan mukena.
“ Kunaon nasib kieu – kieu teuing, iraha menangkeun anu ngubaran nyeri hate. Hese jaman ayena mah. Lalaki teh kararitu, ayena kudu kumaha. Lanjutkeun jeung manehna atawa anggesan wae???. Maneh na kos anu teu paduli kitu, tara papanggih ayeuna mah abong keur ulangan. Wajar we ari papanggih sakedeng mah da moal ngaganggu kana ulangan meren. Ah kembae ketang tong mikiran batur kuring ge pan keur ulangan coba can ngapalkeun. Untung asup beurang jadi aya waktu. Geus ah ayeuna mah bebenah hela, ke we ngapalkeun mah geus solat duha”. Ika nilepan mukenana. Di asupkeun tur di rapihkeun. Bebenah kamarna terus kokoreh di dapur.
Jam dalapanan Ika solat duha. Menta di caangkeun arek ulangan. Geus kitu tuluy manehna ngapalkeun. Hiji – hiji di apalkeun ku Ika. Leungeunna maen mere isarat ameh gancang apal. Da kitu Ika mah lamun ngapalkeun hayang gancang ngarti leungeunna kudu pepeta. Jam satengah sapuluh, Ika ngabenahan buku na. tuluy ngaluarkeun buku anu teu pati kandel. Buku eta teh di sebut diary da lain di sebut buku tugas da lain. Da, dina buku eta teh eusina carpon jeung sajak. Da Ika mah resep pisan nyieun nu kararitu teh gambaran hate na cenah.
“ Kudu nyieun hela sajak yeh, sugan we bisa tenang “. Cek Ika bari nulis anu keur di rasa ku manehna. Nulisna mani teu ereun – ereun da geus biasa tea nyieun sajak. Geus beres tuluy di baca bolak – balik make gaya basa anu asup kana bait sajak na. Teu karasa geus jam sapuluh. Ika bebenah siap – siap ka sakola. Ika ngabacakeun sajak anu angges di jieun ku manehna sabari bebenah. Kieu sajak na.
…………………………………………………………..
Hate ngarasa teu panuju
Teu ngadukung kana kahayang anu di pikahayang
Kayaah can pernah di bales
Manehna tuluy nyeri hate keun wungkul
Kapikiran teu beurang teu peuting
Teu di pikiran tangtu bae kapikiran
Iraha menehna ngarti rasa kanyaah hate
Meren tika iraha oge manehna moal ngarti – ngarti
Emang, rasa kanyaah Ika ageung pisan ka nu janten kabogohna. Wajar we da ceuk paribasa ge, cinta anu mimiti mah sok hese di popohokeunana. Tah eta anu ekeur di rasa ku Ika. Ngan, sabenerna Ika oge nu salah. Kalakuanana kos budak leutik tara ngartikeun. Sabenerna kobogoh Ika nyaah na sarua kos Ika nyaah ka kabogohna.
Ika ngarasa, kabogohna teh beda pisan jeung lalaki nu lainna. Manehna mah soleh, bageur, pinteur jeung teu koret. Karasa pisan lengkeupna cek Ika mah. Tapi da emang, kabogoh Ika mah bageur teuing kabatur teh. Tara nyaahan jeung paduli sasama. Puguh we Ika teh embung lamun papisah teh.
***********
Geus nepi kasakola, Ika buburu ka masjid kusabab arek solat duhur babarengan jeung nu lain. Untung we can katinggaleun jadi bisa solat babarengan. Geus solat, Ika muka buku di masjid nginget deui anu geus di apalkeun. Tuluy Ika kaluar make sapatu. Geus beres makena, manehna teu buburu cengkat da kelas na di pake keneh ku nu ulangan bagean isuk. Kadenge aya bel, tuluy manehna cengkat, leumpang sorangan ka ruangan ulangana.
“ Ika………..”. Ceuk babaturan deket Ika, Ira ngarana.
“ Ih, ngerakeun gogorowokan kitu”. Ceuk Ika sangges Ira deket.
“ Kendae atuh… Eh Ika ngapalkeun beres???”.
“ Atos neng goreng “. Ceuk Ika bari lumpat ninggalkeun Ira.
Ira ngudag Ika nepika kelas. Gek manehna diuk sisieun Ika. Da kitu Ira mah sok teu pararuguh kalakuanana. Tapi wanian lamun di titah maju kahareup ku guru. Mun manehna teu bisa ge maju mah maju we da cenah lamun hayang boga cita – cita anu di pikahayang kalaksana kudu di pupuk tileuleutik salah sahiji cara na kudu wani maju kahareup.
“ Ra, hate teh asa bolong “. Ceuk Ika bari ngusapan dada na.
“ Anu bolong na hate, naha ngusap kana dada???”.
“ Ey, ieu mah seurius”.
“ Da kuring ge seurius. Emang katempo banyol???”. Ceuk Ira ngayakinkeun Ika.
“ Tos ah sesah nyarios sareng ajeungan mah”. Ceuk Ika bari muka buku.
“ Eit, tong pundungan atuh Ka, emang na bolong ku naon kerah???”.
“ Nya duka atuh asa bolong we. Ayeuna teh kuring keur usaha nutupan eta bolong sangkan teu ngajalar ngagedean”.
“ Oh, ngarti,, nyeuri hate lin???”.
“ Eh, lain. Ayeuna kuring geus mulai bingung. Kuring sapopoe ngan mikiran manehna we, arek belajar manehna kapikiran, arek dahar jeung ka arek sare ge kapikiran manehna. Geus lila teu papanggih tea. Kuring paur cita – cita ancur”. Ika ngpajelaskeun ka Ira.
“ Oh kitu, Ka ari ceuk kuring mah mending fokus we ka cita – cita. Kunaon???. Kuring boga alesan. Ayeuna pikir we ku sorangan. Lamun cita cita urang gagal saha anu hese, lamun cita – cita urang gagal saha anu arek mere cita – cita. Sugan aya jalma anu bageur mere cita – cita na, da moal aya komo ayena mah zaman teh geus hese. Ari urusan jodoh mah teu kudu di pikiran geus we bawa nyantai bisa jadi pan anu ayeuna ku urang di pika cinta di pika nyaah sangkan engke jadi jeung urang. Ka, kudu inget urusan nu kitu mah geus di atur tong sieun teu kabagean. Da mun urang bageur menangkeun jodoh ge pasti anu bageur”.
“ Ngarti Ra, tapi kuring mah bener – bener bingung. Manehna teh kapikiran wae. Sangkan kuring teh embung ngajauh ti manehna. Sanajan kuring ge boga batasan. Kuring nilik kana kajayaan kuring engke. Tetep we manehna mah aya”.
“ Nya kieu Ka dunya mah. Pilihan. Urang ulah salah milih di dunya da sok katempo engkena. Emang na kunaon kerah mantak kapikiran kitu???”.
“ Tadi peuting, kuring ngimpi anu pikasieuneun ngenaan manehna. Nyeuri hate pisan nempo manehna duduaan jeung awewe. Terus kuring nyamperkeun manehna. Manehna kalahkah ngomong sabab manehna duduaan jeung awewe bosen ningali kuring ngan ukur belajar wae eweuh waktu pisan jang manehna. Kuring ngan ukur bisa ngahuleng dina ngimpi eta teh tuluy ceurik”.
“ Emang sih ayeuna mah maneh teh meni sibuk pisan. Pantes we manehna kaimpikeun kitu da tara papanggih ku sabab maneh balik sore wae taya aya waktu jang manehna. Tapi ceuk kuring mah da eta teh ngan saukur ngimpi teu leuwih. Ngan ukur kembangna sare”.
Ika ngahuleung sanggas ngadenge omongan ti babaturanana. Ika ngarasa naon anu di omongkeun kubabaturanana teh bener. Ngimpi mah ngansaukukur kembang na sare. Tong loba di fikiran. Tapi Ika ge ngarasa salah tara merhatikeun kabogoh sorangan. Tapi tetep bae Ika mah kana pandirianana sangkan cita – cita anu kudu di tihelakeun. “ 75% cita 25% cinta”. Ceuk Ika ngagorowok dina jero hatena.
0 komentar:
Posting Komentar