PRAKTEK BAHASA SUNDA


PRAKTEK BAHASA SUNDA
Dina praktek sunda, dewan juri ngagelar tema praktek nyaeta BIANTARA anu temana bebas. Abdi ngaguar tema biantara nyaeta NGARONJATKEUN KAREUEUS NONOMAN KANA BASA SUNDA. Ieu dihandap teksna  :

NGARONJATKEUN KAREUEUS NONOMAN KANA BASA SUNDA

( Bubuka )
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin Ya Robbalaalamin
.Shalawat sinareng salam, mugia ngocor ka junjunan urang sadaya, nyaeta Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Dewan juri anu ku simkuring di pihormat, sareng sadaya nonoman anu ku simkuring dipikareueus. Ngadegna sim kuring dina danget ieu taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang. Kitu oge bari jeung dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sapertos paripaos mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin anu ku simkuring di pihormat,
Utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa. Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nonoman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.
Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh UUD ’45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun. Upami nilik kadinya mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga nagara anu hade.
Hadirin anu ku simkuring di pihormat,
Salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku sakumna jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaan-Na nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.
Tah geuning, ari kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami jalmana aruningaeun.
Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangkan generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi ngagunakeun basa Sunda.
Hadirin anu ku simkuring di pihormat,
Cindekna, konci utama para nonoman atanapi generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu cacarita papada ngarti kana basa sunda.
Hadirin sadaya, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.
Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina.
Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos Ujian Praktek Biantara anu nuju lumangsung ieu.
Hadirin anu sami-sami linggih, eta sadaya ngan ukur cita – cita simkuring salaku hiji dina jutaan atanapi nonoman sunda anu aya di dunya. Da akhirna man diwangsulkeun deui ka sadaya nonoman sunda.
Mung, cindekna mah, urang sadaya salaku nonoman sunda kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawi bahan katampi, hapunten. Simkuring sanes bade ngawartosan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.

Wassalamu’alaikum wr.wb.

0 komentar:

Posting Komentar