KEUR BAZAR
Gantungan warna warni tina kertas hias ngagarantung di harepen kelas. Ngajalajar meja – meja anu ges di hias ku samping. Rupa – rupa. Boh warna, boh hiasanna, boh sampingna. Kabayang we genep belas kelas ngahias kelasna. Bazar ngaranga. Ges hampir saminggu sakola Asty ngayakeun PENSI. Rupa – rupa acarana. Ti individu nepika kelompok. Nguji ka kreativan siswa, partisipasi siswa di sakola eta.
Saperti biasa, unggal isuk Asty kudu di tungguan di gerbang harepeun sakola. Sabab, salaku bendahara kelas, Asty barang bawa kadaharan anu arek di dagangkeun keur Bazar di kelasna. Rupa – rupa kadaharan anu arek di jual di Stan kelasna Asty. Tema sunda anu di pake ku kelas Asty nambah sarasi jeung baju anu di pake keur nyambut guru. Samping anu di kagigirkeun. Di tambah ku hiasan daun kalapa anu jadi kentengna saung di Stan kelas Asty. Di gigirna, di hias ku samping – samping anu corakna batik. Pandan anu di bentuk jadi kembang di tempelkeun di tembok anu geus di hias ku samping. Kembang dina pot di jajarkeun dina samak anu di amparkeun keur tilam barudak kelasna.
Teu kapalang, cocooan budak lalaki di jieun tur di pajangkeun di hareupeun samak. Endah katingalina.
“ Asty, meni ka lila”. Ceuk babaturan Asty anu nungguan di hareupeun gerbang.
“ Punten we. Pan Asty teh kudu bebenah hela. Ameh katingalina teu seer teuing “.
Asty ka kelas. Jingjinganna di bawa ku babaturanna, ti jauh babaturan Asty anu sejenna ngagupayan. Jiga aya anu piriweheun. Asty ngagancangan langkahna.
“ Aya naon Ayu??”. Cek Asty sabada nepi.
“ Asty, Ayu mah bingung. Ayeuna teh lomba mojang jajaka. Tapi Mela na teu sakola ku sabab gering “.
“ Aduhh,, kudu kumaha atuh. Eh Yu, meren lomba kreatifitas ge di batalkeun??? “.
“ Puguh, arek di ganti tapi barudak ge kalah garideg kitu we pan harebat ngagitar na tapi eweuh nyalian “.
“ Maenya yu, ari Parhan jeung Eka kumaha???, pan eta pasangan duet maut “.
“ Ah kitu we. Da cenah mah entos ngiringan lomba jadi weh alim ngiringan dua. Kalah gideg bari indit ka tukang “.
Asty cicing mikir. Leungeuna bari ngopepang ngabenahan kadaharan. “ Yu, kendae lah atuh. Kudu kumaha atuh Yu “.
Ayu cicing teu ngajawab. Tungkul mikir. Ngarasa embung ari lomba aya nu batal deui. “ Asty, nya lah kendae tong jadi we lomba kreatifitas mah. Asal lomba Mojak kudu jadi “.
“ Emang na iraha Yu???, terus pan Yu, ari lomba Mojak teh kudu pake baju adat Yu “.
“ Tah eta anu jadi kasusah teh. Tapi ari baju adat mah atos aya. Sami jeung tema Stan nyaeta adat sunda. Tapi anu jadi pikategangeun mah, lomba Mojak teh ayeuna “.
Asty cicing lieur. “ Kudu kumaha ieu. Maenya kudu batal deui wae “. Ceuk Asty dina jero hatena.
Asty ninggalkeun Ayu. Cicing di payun bebenah Stan. Teu loba omong deui da loba anu di fikirkeun tapi teu jadi –jadi.
“ Asty, aya kabar anu pibungaheun “. Ceuk Ratih datang – datang bari nepak punduk Asty.
“ Ah Tih, ayeuna mah mikiran Mojak hela. Kendae lah kabar lain mah tinggalkeun hela. Puguh lomba Mojak teh ayeuna. Tapi teu aya anu jadi Mojang na “.
“ Puguh eta Asty anu tadi ku Atih jeung Ayu di fikirkeun. Ah dari pada pusing Atih kapanitia Mojak hayang menangkeun kabar. Eh pas di taroskeun, lomba Mojak teh enjing jam dalapan. Sanes ayeuna “.
“ Hahhh,, nu bener Tih??? “.
Can ge pertanyaan Asty di jawab, Ayu anu ngadangueun ngilu naroskeun bating ku penasaran kacampur bungah.
“ Bener, Atih ge teu nyangka. Asa di salametkeun tina bencana batal “.
Tiluan eta jadi sarumanget deui. Majarkeun da lomba na isukan jadi bisa aya persiapan. Parokus deui dina Bazar na. di sapukeun tur nata supaya katingali endah.
“ Yu, saha atuh nya mojang na???. pan jajaka na mah aya si Hendar. Terus kumaha yu “.
“ Puguh Ayu ge bingung. Eh goroan si Ratih, pasti bogalah ide manehna mah “.
“ Oh heeh nya… kin,, Ratih…. Ratih “. Asty ngagoroan menika seriusna. Ratih anu cicing dina samak nyamperkeun.
“ Aya naon As Yu??? “.
“ Kie Tih, pan ari lomba Mojak teh kudu aya anu jadi mojang anu jadi jajaka ari mojang na saha, pan si Mela teu damang meren “.
“ Oh heeh nya kunaon teu kapikiran kitu. Kudu kumaha atuh???”.
“ Cek Ayu mah kieu we, ayena Ratih Asty Ayu mikiran hela saha anu cocok “.
Tiluan eta mikiran anu cocok. Lieuk ka kenca ka katuhu ka hareup katukang neangan anu pas jadi mojang. Asty malik luak lieuk. “ Maenya kudu si Silvi mah pasti gideg “. Ceuk Asty dina jero hate. “ Kunaon Ratih Ayu ningalikeun Asty kos kitu “. Ceuk Asty sabada ningali Ratih jeung Ayu ningalikeun.
“ Ah tatadi atuh nya kieu teh kunaon make bingung sagala “. Ceuk Ratih percaya diri.
“ Maksud na??? “. Ceuk Asty merengut panasaran.
“ Asty, atuh Asty we anu jadi mojang na. cocok da. Pasti acuk ieu ge mahi da ka Asty mah “. Ceuk Ayu sabari nilik ka Asty.
“ Ey, Asty weh. Teu cocok Asty mah lamun jadi Mojang. Ah teu minat “.
“ Ceuk saha Asty, ceuk Atih Asty mah cocok da lamun jadi Mojang pas teh “.
“ Atuh Ayu we. Asty mah paur gagal teu menang weh “.
“ Asty ayeuna mah optimis we hela. Menang eleh mah kumaha engke we, demi kelas dari pada gagal wae “.
“ Bener As, Ayu mah teu cocok coba sok deg – degan deuih. Mending ayeuna mah urang kabehan usaha heula we. Sugan we masuk lima besar mah “.
Asty cicing nelaah naon anu di omongkeun ku Ratih jeung Ayu. “ Gae lah Asty we “.
“ Tah kitu atuh. Ke tenang ku Ratih we dandananna. Kendae tong di make up lah saayana we “.
“ Sip lah. Kendae Asty bade namut ka Ua Asty. Jadi teu kudu nyewa Baju adat na. Nu Ayu ge ku Asty di candak hela “.
“ Nya hegae “.
Asty ngaleos ningalkeun Ratih jeung Ayu da adzan geus di sada.
“ Riri, Yuning, hayu solat “.
“ Pan ieu ge ngantosan Asty meren “. Ceuk Riri sabari seuri.
“ Hayu atuh, eh Ri Ning Asty jadi mojang enjing. Aduh deg – degan ih “. Ceuk Asty sabari leumpang.
“ Hahh nu bener As ???”. ceuk Yuning teu percaya.
“ Bener. Aduh isin ih ku nu sakelas “.
“ Eh eta Asty, puguh Asty kudu ngabuktikeun ka manehna lamun Asty teh bisa “.
“ Nya sih, Heeh ah Asty ngiring mojang ieu demi manehna “.
Sabada nepi, tiluan eta muka sapatu tuluy wudhu sholat lohor. Kusabab marawa mukena jadi teu kudu panungguan – nungguan. Tiluan eta teu solat jamaah tapi sorangan – sorangan.
Sangges beres tuluy ka meja tanda tangan. Ka kelas bebenah arek uih. Ku sabab Asty jeung Yuning anggota PMR, jadi lamun aya nu perlu bantuan kudu nyamperkeun. Pas di jalan, aya anu ngagoroan Riri. Babaturan lalaki Riri.
“ Ih ii mah lain PMR, tah si Asty “. Ceuk Riri sabari nunjuk.
Asty cicing, teu wani ngalieuk ka lebah Riri ku sabab babaturan lalaki Riri teh pernah deket jeung Asty. Tapi jadi pajauh ku sabab aya masalah.
“ Asty, ieu rahet “. Ceuk babaturan Riri bari nunjukkeun rahetna.
“ Kin nya Asty nyandak ripanol sareng betadin hela “.
Asty ninggalkeun ngaleos nyandak alat – alat luka. Tapi, pas nepi Riri jeung Yuning ngaleungit. Aya perasaan era ge da geus kawajiban ngobatan.
“ Kapasna teu aya, jadi pake tangan Asty we nya bersih da tos solat bieu jadi moal infeksi “.
“ Nya kendae asal di obatan we ku Asty. Lalaunan nya “
“ Nya pasti lalaunan atuh “. Ceuk Asty bari ngobatan menika seriusna.
“ Awwwww,, “.
“ Ih sakitu ge cengeng. Sabar nya beres da “.
“ Perih ih “.
“ Emhh,, manja we. Ku Asty tiupan we ( huhhhhhhuuuhhhuuuhhhuuhh ). Beres nya “.
“ Nya nuhun Asty “.
Asty senyum bari ngaleos ninggalkeun. “ Riri… Yuning.. “. Ceuk Asty sabada nepi.
“ Ning, aya anu bungaheun eung hate na “.
“ Pasti Ri, asa cicing di surga cenah ayena teh. Dunya Asa milik berdua “.
“ Ih, kunaon ih ka Asty teh kitu. Yuning pan PMR kuduna mah mantuan Asty“.
“ Sabenerna Yuning teh ngahaja teu ngobatan. Soalna ameh Asty bisa deket deui. Jadi teu musuh – musuhan kitu “.
“ Nya sih Asty ge asa lega bisa ngobrol deui jeng manehna “.
“ Hayu ah uih. Beres ieuh bebenah mah “. Ceuk Riri bari nangtung.
“ Hayu….. Ratih Asty uih nya pan kudu siap – siap keur enjing “.
“ Enya hegae, kendae ieu mah ku Ratih “.
Barudak tiluan eta baralik ninggalkeun sakola. Cicing di gerbang nungguan datang angkot. Samemeh Asty jeung Riri naek, maranehna nungguan Yuning hela naek. Da budak duaan eta mah saarah naek mobilna.
Geus ka pegat mobil Yuning, bet Asty jeung Riri nyebrang tuluy naek. Asty turun tiheula. Da emang jauhan imah Riri.
“ Asty tipayun Ri “. Ceuk Asty bari tuluy turun.
“ Enya mangga “.
Asty anu geus turun buru – buru ka imah. Langkahna di gancangan ku sabab arek nyadiakeun keur lomba mojang di sakola. Ba’da asar Asty dianter ku dulurna. Indit ka Ua na milihan kabaya anu sarasi.
“ Bi, ieu atuh tah baju panganten we jadi serasi jeung jajakana “. Ua Asty nunjukkeun sapasang baju panganten warna biru kolot.
“ Ah Ua, pan ageng teuing ieu mah. Lamun di alitan ge teu tiasa da aya lawon jero “.
“ Emang na jajaka na sakumaha awakna???”.
“ Ah alit pisan Ua, alit weh pokona mah “.
Ua Asty teu ngajawab. Ningalkeun Asty anu keur milihan. “ Ma, kumaha lamun nu ieu pantes teu??”. Ceuk Asty bari baju kabaya pilihanna di pake.
“ Ah ceuk Ima mah mendingan saruakeun da warna na jeung jajaka jadi weh pantes “.
“ Heeh sih “.
“ Tah ieu Bi, kumaha ???”.
“ Tah lamun ieu mah mahi jigana Ua. Tapi ning ieu mah acuk pager bagus “.
“ Pan teu aya deui. Tapi cocok jeung ieu “.
Asty nelek – nelek pilihan Ua na. Baju kabaya anu luhurna bodas salur koneng aya mutean, kahandapanna hideung pinuh ku mute wara koneng, bodas, hideng, jeung rupa - rupa. Tiungna koneng aya dua rupa. Cocok pisan jeung baju pager bagus.
“ Nya Ua, entos we ieu. Oh heeh Ua sakantenan jeung sendalna “.
“ Eta si intrem, meni kudu sakalian sagala. Ke atuh Ua neangan hela anu pantes “.
“ Pan sakalian Ua jadi saperangkat “.
Geus beres, Asty jeung Ima pamitan. Poe geus arek magrib maranehna leumpang sabari seserian. Geus nepi ka imah, Asty ngajaran bajuna. Cocok pisan jeung awak Asty. Jadi teu kudu aya anu di leutikkan.
Eta poe asa nyerelek. Teu karasa geus dur subuh. Dulag anu di takol di nadaan karasa pisan. Sora adan anu tarik ti masigit kadenge jelas pisan ngahudangkeun ngagoroan anu keur salare. Asty salasah hiji na. kahudangkeun ngadenge sora adan. Tuluy kacai mandi nyokot cai wudu. Sholat subuh.
“ As… yeh ku Umi geus di jieun keun pesenan anu kamari. 20 siki rarauan jeung gorengan 10 siki “.
Asty kapayun. Tuluy muka panto. “ Enya Mi, nuhun “.
“ Sing laku nya “.
Asty kajero deui. Masak tuluy emam. Geus aga beurang Asty ngistrika baju adatna tuluy di ajaran. Di foto di hareupeun imah. Tuluy di buka deui. Geus mejehna mangkat Asty pamitan. Tuluy angkat mawa tilu jingjingan.
Saperti biasa di gerbang geus aya nunungguan. Asty mikeun jingjingan tuluy kakelas. Geus nepi kelas beberes tuluy majang – majang keun kadaharan. Sasapu tur nata. Endah pisan katingalina. Asty ganti baju di bantuan ku Ayu jeung Ratih.
“ Tah kitu pantes Yu “. Ceuk Ratih bari ngabenahan baju Asty.
“ Ah Asty mah jadi deg – degan kieu “.
“ Ah kendae tong psimis kitu atuh, dieu ku Atih pakeken tiung na “.
Asty cicing nyanghareup kana kaca. Nempo Ratih anu semanget ngadandanan. “ Maenya kudu mundur mah karunya Ratih “.
“ Tah kieu…. “. Ceuk Ratih pas beres.
Asty nempokeun. Rapi hasilna. “ Berarti ayeuna tinggal nungguan nya Tih??”.
“ Nya, moal lila da “.
Asty diuk na bangku di jero kelas. Teu wani kaluar da era. Nungguan di panggilan ku panitia tapi lila. Teu lila panitia ngagoroan. Asty jeung anu nganterken ngabring karuang lomba. “ Aduh, ari batur meni galeulis kitu. Di dandanan meni barodas malenor “. Ceuk Asty ngaharewos dina jero hate.
Geus nepi Asty langsung asup ka ruang lomba. Mimitina mah era pisan. Tapi kudu kumaha deui da emang kudu kitu. “ Ihh, eta si akang meni kasep pisan ari nganggo kaca soca amah “. Ceuk Asty bari ningalikeun lalaki anu keur di sisiran make kaca soca.
Asty ngan ningalikeun we, teu bisa miceun pandangan na ti lalaki eta. Ngan pas lalaki eta ningalikeun kakarak weh pandangan na di piceun.
Sakabeuh peserta asup ka ruang husus. Di bere arahan heula. Geus kitu, lomba di mimitian. Paserta kabeh nunjukkeun gaya Mojak masing – masing. Kabaya anu warna – warni, sendal anu jarangkung ngahias awak paserta Mojak. Babak ka hiji beres, di umumkeun anu asup lima besar. Asty jeung hendar salaku wawakil ti kelasna asup ka lima besar.
Geus kitu, di umumkeun babak kadua na. nunjukkeun bakat masing – masing. Asty bingung. Da teu bisa nanaon.
“ Dar, kudu kumaha atuh??? “.
“ Duka Asty Hendar ge bingung. Eh Asty pan tiasa lin ngadamel puisi???. Kumaha lamun puisi we “.
“ Oh heeh bener pisan Dar, hayu atuh urang ngadamel “.
Budak duaan eta ngajarieun puisi. Dina fikiran manehna duaan ngan ukur manehna anu puisi. Tapi, kabehan peserta ge nampilkeun puisi jeung bakat – bakat sejenna. Aya nu make gitar di barengan maca puisi, aya anu make suling di barengan ku maca puisi, aya anu silat di barengan ku maca puisi. Ngan Asty we anu maca puisi hungkul teh.
“ Dar, ayeuna mah pasrah we, da urang mah ning ngan puisi hungkul teu di barengan ku music “.
“ Heeh lah teu kunanaon “.
Bener we naon anu di fikirkeun ku Asty jeung Hendar. Maranehna teu asuk tilu besar. Tanda na eleh di lima besar. Mimitina Asty ngahuleung teu percaya. Tapi sadar ku omongan Hendar.
“ Kendae As, urang mah ngiring partisifasi we. Kendae eleh ge nu penting geus aya perjuangana “.
“ Nya lah kendae eleh ge “.
Asty balik deui ka kelas ngunjungan babaturanna. Asty ningalikeun ka sosok lalaki anu di pikaresep. Sakelas lalakina. “ Ah, ning Asty teh teu tiasa nanaon. Hayang ngabuktikeun ka manehna Asty bisa jadi mojang eh malah eleh. Jadi manehna moal bisa resepen meren ka Asty “. Ceuk Asty bari nempo ka lalaki anu sakelas anu di pika resep ku manehna.
“ Kendae Asty eleh ge nu penting geus aya usaha “. Ceuk babaturan Asty bari nyamperkeun.
Asty cicing bari nempokeun lalaki eta keneh. Manehna seuri Asty ge ngabales seuri. “ Ih et seuri meni manis kitu keur mah manis tambah manis. Punten nya Asty eleh. Tapi bieu seuri jadi ngobatan nyeri hate Asty Nuhun nya. Kin Asty buktikeun lamun Asty bener – bener cinta “. Asty ngucap bari bet malingkeun pamente na ti lalaki anu di pika resep eta.
0 komentar:
Posting Komentar